Thursday, April 08, 2010

-.-"

Gatau mau ngentri apa (tapi pengen ngentri, abis d protes mulu sama Dyah hhe.

Gini aja deh, gu cuma mau bilang kalo gue suka banget sama foto foto ini :


di KFC :) abis nyari DVD.


ini tuh lagi moto trus d foto, bagus bgt posenya (soalnya mukanya ga keliatan, jadi perfect gimana gtu..)

udah ah.. XD~

Syenit Shinoda

Drama Bahasa Sunda

LUTUNG KASARUNG

Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti prameswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakanca, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih, nu katujuh Purbasari. Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun badé tatapa di leuweung. Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh Purbasari lain Purbararang, putra cikalna.
Prabu Tapa Ageung : “Anaking, Bapa téh geus ngarasa kolot, kulantaran kitu
Bapa rék tatapa di leuweung. Tuluy gaganti Bapa téh anu
ngolah ieu nagara nyaéta Purbasari.”
Purbararang : “Tapi Pa? Naha lain abdi anu ngagentos Bapa téh? Lain
abdi téh budak anu pangkolotna?”
Prabu Tapa Ageung : “Bapa milih Purbasari kusabab Purbasari téh bangun
pisabareun, pibageureun, leuwih ti nu séjén. Kusabab kitu
Bapa leuwih percaya ka Purbasari dina ngolah ieu nagara.
Pokona mah ieu kaputusan geus mutlak jeung teu bisa
dirobah deui”

Tuluy Prabu Tapa Ageung indit tatapa ka leuweung.
Purbasari : “Teu bisa kitu! Kuring teu narima! Kuring salaku budak
cikal ngarasa dihina jeung asa ditincak hulu ku adi bungsu
sorangan. Pokona kuring nu bakal ngolah ieu nagara.
Purbasari, manéh indit…!!!”

Purbasari diusir ti Karaton jeung dipiceun ka Gunung Cupu.

***
Kacaturkeun di Kahyangan, Guruminda putra déwata cikalna, titisan Gurian Tunggal ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu.
Guruminda : “Ambu, abdi bieu ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung
Ambu.”
Sunan Ambu : “Jung geura téangan pijodoeun hidep anu sarupa jeung Ambu. Tapi ulah torojongan, anggo heula ieu raksukan… Lutung…!!!”

Janggelek Guruminda rupa jadi lutung katelah Lutung Kasarung.

***

Kocap deui di nagara Pasir Batang… Niti Suwari ngersakeun haying tuang daging lutung. Tuluy nitah Aki Panyumpit pikeun néangan lutung ka leuweung.
Niti Suwari : “Léngsér! Kuring téh haying dahar daging lutung.”
Aki Panyumpit : “Mangga juragan.”

Di leuweung…
Aki Panyumpit : “Ka mana nya lutung téh? Meni ka sepi euweuh sasatoan
pisan ieu leuwung téh?”

Aki Panyumpit geus pegat pangharepan. Barang rék muang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Barang rék disumpit, lutung téh nyoara.
Guruminda : “Eh, Aki bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku
bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho
nu ngaranna karaton.”
Aki Panyumpit : “Ih bisa ngomong lutung téh! Heg atuh ari kitu mah, sok
geura turun!”




Lutung Kasarung dibawa ka Karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang anu teurak, teu bias dirogahala.
Niti Suwari : “Aya naon Léngsér, asa rariweuh katingalina!”
Aki Panyumpit : “Ieu lutung meni ka hésé dipeuncitna, na kumaha atuh ieu
téh Juragan?”
Niti Suwari : “Pasrahkeun wé ka anak kami, sugan butuh keur
pibujangeun.”

Eta lutung téh dipasrahkeun ka Purbararang. Purbararang keur ngagembrong ninun barang Lutung Kasarung nyampeurkeun. Tuluy koloprak téh taropong Purbararang murag ka kolong Balé.
Purbararang : “Cing lutung, pangnyokotkeun taropoong di kolong Balé!”

Tuluy éta taropong téh dicokot. Ari béréwék téh dibebekeun jadi lima, sor disodorkeun ka Purbararang.
Purbararang : “Jurig lutung! Taropong Aing sabogoh-bogoh dibebekeun!
Léngsér! Teu sudi Kuring mah, anteurkeun Si Lutung ka
Purbasari di leuweung!”

Tuluy Lutung dianteurkeun ku Aki Panyumpit ka Purbasari di leuweung.
Aki Panyumpit : “Neng, ieu lutung pamasihan Purbararang kanggo
pibujangeun.”
Purbasari : “Eh, Léngsér, geuning si Tétéh téh aya kénéh adilna,
sanajan lutung ogé teu kunanaon, tamba keueung di
leuweung. Hatur nuhun béjakeun ka si Tétéh.”
Aki Panyumpit : “Mangga Néng.”

Caturkeun di sisi leuweung, Purbasari ngagolér dina palupuh sabebek, di hateup welit sajalon. Lutung Kasarung ngangres ninggal kaayaan putri anu sangsara.
Guruminda : “Deudeuh teuing Putri téh nalangsa pisan. Kuring rék
neneda ka Sunan Ambu, neda sapaat para Bujangga, niat
misalin meungpeung Purbasari saré kénéh.”

Raksukan digedogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan, Panejanan tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggleg karatonna leuwih agréng ti nagara. Tempas saré Purbasari jadi kasur tujuh tumpang, disimbut sutra Banggala, disumpal ku benang emas. Janggelek Guruminda jadi lutung deui..
Purbasari : “Ya Allah, naha jadi karaton ano agréng leuweung téh?
Alhamdulillah ieu kanikmatan téh meni ka ajaib.”

Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara Pasir Batang. Purbararang tambah sirik. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah Purbasari.
Purbararang : “Awas manéh Purbasari! Urang bakal ngancurkeun
sagalana!”

Rupa-rupa ékol Purbararang, antukna PUrbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, pageulis-geulis rupa. Tapi rahayat jeung jaksa mutus teu weléh Purbasari nu unggul.
Tungtungna Purbararang ngajak pakasép-kasép beubeureuh. Sakasép-kasépna lutung moal ngéléhkeun sagoréng-goréngnana manusa.
Purbararang : “Purbasari, ayeuna manéh bakal éléh kusabab beubeureuh
kuring mah manusa ari manéh mah beubeureuhna ngan
lutung!”

Purbasari ngan bisa cicing rumasa éléh, tenggekna kari saketokeung di teukteuk. Tuluy Lutung Kasarung ngagedogkeun raksukanana, baranyay hurung janggelek jadi Guruminda deui.
Purbararang : “Indrajaya, paéhan éta lutung jadi-jadian, beubeureuh si
Purbasari!”

Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanna.
Indrajaya : “Ku Aing paéhan sia!”

Dina ahirna, Purbasari ngadeg Ratu di nagara Pasir Batang jadi prameswari Guruminda. Ari Purbararang jadi pangangon. Indrajaya dihukum jadi pangarit. Nagara Pasir Batang jadi maju dina pamaréntahan Purbasri jeung Guruminda.

Yogurt, is healthy snack :)



Yoghurt atau yogurt adalah dairy product yang dihasilkan melalui fermentasi bakteri pada susu. Berbagai jenis susu dapat digunakan untuk membuat yoghurt, tapi produksi yoghurt yang modern kini didominasi oleh susu sapi. Pembuatan yoghurt merupakan proses fermentasi dari gula susu (laktosa) menjadi asam laktat yang menyebabkan tekstur yoghurt menjadi kental. Biasanya yaghurt dijual dengan rasa buah, vanila, atau coklat, tapi ada juga tanpa penambahan rasa (plain).
Yoghurt dibuat dengan menambahkan bakteri yang menguntungkan ke dalam susu yang tidak dipasteurisasi (untuk mengatur keseimbangan antara bakteri dan enzim dari susu) pada suhu dan kondisi lingkungan yang dikontrol. Bakteri akan mengolah gula susu alami menjadi asam laktat. Hal itu akan meningkatkan keasaman sehingga menyebabkan protein susu menyusut menjadi masa yang padat atau kental. Peningkatan keasaman (pH 4-5) juga mencegah proliferasi (perbanyakan sel) dari bakteri patogen lainnya. Umumnya kultur yoghurt melibatkan dua atau lebih bakteri yang berbeda untuk proses fermentasi, biasanya yaitu Streptococcus salivarius dan thermophilus dan genus Lactobacillus, seperti L.acidophilus, bulgaricus, casei dan bifidus.
Karena kultur yoghurt mengandung enzim-enzim yang dapat memecah laktosa, beberapa individu yang menderita lactose intolerant dapat menikmati yoghurt tanpa efek yang merugikan. Secara nutrisi, yoghurt memang kaya akan protein dan beberapa vitamin B serta mineral penting lainnya.
Yoghurt umumnya dijual dengan penambahan kemanisan dan rasa, atau dengan penambahan buah untuk menambah rasa alaminya. Produk yoghurt di AS umumnya ditambahkan dengan pektin dan gelatin.
Ada beberapa jenis yoghurt, yaitu: Dahi yoghurt : berasal dari India Bulgarian yoghurt : menggunakan kultur strain dari Bulgaria, yaitu Lactobacillus bulgaricus dan Streptococcus thermophilus Greek yoghurt : dibuat dari susu yang telah dicampur dengan krim sehingga kandungan lemaknya menjadi 10%. Bentuk lainnya bisa dalam bentuk standar (5%), rendah lemak atau low fat (2 %), dan tanpa lemak atau non fat (0 %). Biasanya disajikan bersama dengan madu, walnut, atau buah yang disediakan sebagai pencuci mulut Lassi yoghurt : minuman dengan bahan dasar yoghurt. Berasal dari India dengan dua jenis rasa, yaitu rasa asin dan manis Kefir : minuman susu fermentasi. Kini biasanya dinamakan yoghurt siap minum atau yoghurt smoothie Home-made yoghurt : dapat dibuat dirumah dengan menggunakan sejumlah kecil kultur yoghurt aktif sebagai kultur awal. Yoghurt akan menjadi kental atau memadat jika disimpan dalam refrigerator. Yoghurt yang disimpan dalam refrigerator akan stabil atau tahan sampai satu minggu atau lebih.

(Bisa untuk program diet juga :)
selamat mencoba